Selamat Datang di Portal Website Kami

FASHAL 2 RUKUN IMAN - NADZOM SUNDA SAFINATUNNAJA

NAZHOM SUNDA SAFINATUNNAJA (3)
FASHAL 2 RUKUN IMAN

﴿فَصْلٌ﴾
اَرْكَانُ الْاِيْمَانِ سِتَّةٌ اَنْ تُؤْمِنَ بِاللّٰهِ وَمَلَاءِكَتِهِ وَكُتُبِهِ وَرُسُلِهِ وَبِالْيَوْمِ الْآخِرِ وَبِالْقَدَرِ خَيْرِهِ وَشَرِّهِ مِنَ اللّٰهِ تَعَالَی ۞

Ari rukun Iman eta aya genep
Sing kahartos sing kapaham ulah hilap

Ari iman ka Alloh teh kahijina
Nyata nekadkeun Alloh wajib wujudna

Teu kahartos ku akal dina euweuhna
Mun can paham tong waka eureun ngajina

Kaduana iman ka Malaikat Na
Kedah terang nu sapuluh sadayana

Jibril Mikail Isrofil katiluna
Azroil Munkar Nakir nu kagenepna

Tujuh Rokib Atid nu kadalapanna
Salapan Malik Ridwan kasapuluhna

Katiluna iman ka kabeh kitabna
Anu opat wajib terang sadayana

Hiji Toret ka Nabi Musa turunna
Dua Zabur ka Nabi Dawud turunna

Tilu Injil ka Nabi Isa kawartos
Opat Qur'an ka Nabi uranh sing ngartos

Kaopatna iman ka kabeh utusan
Wajib terang nu dua puluh limaan

Nyata Adam Zakariyya kaduana
Nabi Yunus Nuh Idris nu kalimana

Genep Ibrohim Yasa nu katujuhna
Ishaq Ya'qub Ismail kasalapanna

Solih Ayub Harun ka tilubelasna
Musa Syu'eb Dawud ka genepbelasna

Hud Uzair Yusuf ka salapanbelasna
Kangjeng Nabi Luth nu ka duapuluhna

Nabi Ilyas ka duapuluh hijina
Dzulkifli Yahya dua puluh tiluna

Dua opat kangjeng Nabi Sulaeman
Dua Lima Nabi Isa akhir zaman

Dua geneo kangjeng Nabi nu dipilih
Nabi Muhammad panutup nu diasih

--------------------

حَتْمٌ عَلَی كُلِّ ذِی التَّكْلِيْفِ مَعْرِفَةُ
بِاَنْبِيَآءَ عَلَی التَّفْصِيْلِ قَدْ عُلِمُوْا

فِی تِلْكَ حُجَّتُنَا مِنْهُمْ ثَمَانِيَّةُ
مِنْ بَعْدِ عَشْرٍ وَيَبْقَی سَبْعَةٌ وَهُمُ

اِدْرِيْسٌ هُوْدٌ شُعَيْبٌ صَالِحٌ وَكَذَا
ذُوْالْكِفْلِ آدَمُ بِاْلمُخْتَارِ قَدْ خُتِمُوْا

Wajib jalma mukallaf terang kana jenengan
Anbiyana Gusti Alloh nu tafsil dina Qur'an

Anbiya nu dalapan belas dina lebet ayat --  فِی تِلْكَ حُجَّتُنَا surat An'am katelahna

sakantun anu tujuh Idris Hud Syu'eb Sholih
Dzulkifli Adam Muhammad panutup nu dipilih
------------------
Kalimana iman kana poe akhir
Jeung sakur nu aya dina poe akhir

Cara kumpulan hisaban jeunh lianna
Timbangan amal hade reujeung gorengna

Kagenepna imana kana Qodar Alloh
Sae awonna eta takdir ti Alloh

FASHAL 3 MA'NA KALIMAH THOYYIBAH
﴿فَصْلٌ﴾
مَعْنَی لاَاِلٰهَ اِلَّااللّٰهُ لَا مَعْبُوْدَ بِحَقٍّ فِی الْوُجُودِ اِلَّااللِّٰهُ ۞

Ari لاَاِلٰهَ اِلَّااللُّٰهُ hartosna
Taya nu wajib disembah sabenerna

Anging Alloh nu Wujud sahiji Dzat Na
Jeung Shifat Na Jeung hiji dina Af'al Na
cag...!!!


Share this post :

Posting Komentar

PAPAN PENGUMUMAN

 
Support : Link here | Link here | Link here
Copyright © 2014. BERBAGI INFORMASI - All Rights Reserved
Template by Cara Gampang Published by Cargam Template
Proudly powered by Blogger