Selamat Datang di Portal Website Kami

ADAT SAH SULAYANA

NAZHOM SUNDA TIJAN (4)
TAUHID MA'RIFAT 'AM


ADAT SAH SULAYANA

Ari adat nalika tepungannana
sabab jeung musabab kongang sulayana

Sing telik syarat ittishol patepungna
Syarat irtibath teh aya tumalina

Mun taya ittishol reujeung irtibathna
Tah luar adat lima hukumna

Mun ti Nabi eta Mu'jizat ngaranna
Mun memeh jadi Nabi Irhash ngaranna

Mun ti Wali eta Karomah ngaranna
Mun ti Mu'min soleh Ma'unat ngaranna

Mun ti Kafir atawa ti Mu'min fasik
Eta Sihir Istidraj najan kasedek

PERSAMBUNGAN ADAT
Bagian nyambungna adat aya opat
Hiji aya kana aya kade lepat

Aya kana euweuh anu kaduana
Euweuh kana euweuh anu katiluna

Euweuh kana aya anu kaopatna
Sing kahartos contona hiji hijina

Conto persambungan aya kana aya
Saperti ayana dahar wareg aya

Conto persambungan aya kana euweuh
Saperti ayana dahar lapar euweuh

Conto persambungan euweuh kana euweuh
Saperti euweuhna dahar wareg euweuh

Conto persambungan euweuh kana aya
Saperti euweuhna dahar lapar aya

Ari wujudna sadaya kajadian
Sanes ku sabab tapina ku Pangeran
Cag...!!!


Share this post :

Posting Komentar

PAPAN PENGUMUMAN

 
Support : Link here | Link here | Link here
Copyright © 2014. BERBAGI INFORMASI - All Rights Reserved
Template by Cara Gampang Published by Cargam Template
Proudly powered by Blogger