Selamat Datang di Portal Website Kami

3. BAQO - TAUHID MA'RIFAT 'AM

NAZHOM SUNDA TIJAN (7)
TAUHID MA'RIFAT 'AM

3. BAQO (البقاء)

Ari sifat salbiyyah nu kaduana
Sifat baqo langgeng Alloh na wujudna

Mustahil Gusti Alloh aya Fana' na
Nyata wujud ditungtungan ku ruksakna

Ari Baqo kana tilu kabagina
Nasbi Zamani Haqiqi katiluna

Baqo Nasbi langgeng pedah dibandingan
Kunu sejen dunya ku anu nyicingan

Baqo zamani pedah langgeng zamanna
Cara surga mumkin ruksak ceuk akalna

Baqo haqiqi wujud taya tungtungna
Langgeng Alloh mustahil aya ruksakna

Sabab langgeng Alloh teu kakurung zaman
Kacabut maqulat مَتٰی pertanyaan

Dalil aqli kana baqo na Pangeran
Eta kieu ngaji sing boga pikiran

Mun teu langgeng Dzat Alloh tangtu ruksakna
Lamun ruksak Dzat Alloh tangtu anyarna

Ari anyar Dzat Alloh mohal ceuk faham
Sabab tadi ngadeg dalil sifat qidam

Mangka tetep wajib langgeng Dzat Alloh teh
Mohal ruksak cara ieu makhluk kabeh

Dalil naqli kana langgeng Dzat Pangeran
i۩ وَيَبْقٰی وَجْهُ رَبِّكَ dina Qur'an
Cag...!!!


Share this post :

Posting Komentar

PAPAN PENGUMUMAN

 
Support : Link here | Link here | Link here
Copyright © 2014. BERBAGI INFORMASI - All Rights Reserved
Template by Cara Gampang Published by Cargam Template
Proudly powered by Blogger